An-naba
Nada: Pupuh Kinanti
Pada* kahiji/ayat 1,2,3
Naon anu jadi padu,
Adu renyom kaum kapir,
Rame parebut carita,
Horeng teh wawaran penting,
Nya eta poe kiamat,
Teu percayaeun nu kapir.
Pada* kadua/ayat 4, dan 5
Padahal anu saestu,
Kiamat datangna pasti,
jaga bakal karandapan,
Kakara nu kapir eling,
Yen kiamat lain beja,
Tapi bakal bukti sidik.
Pada* katilu/ayat 6,7
Puguh anu maha Agung,
Anu nyipta ieu bumi,
Ngagelar jadi daratan,
Gunung-gunungna ngajegir,
Minangka pancuh patokna,
Malar bumi jinek cicing.
Pada* kaopat/ayat 10,11
Poek mimiti ngalingkup,
Dunya disimbutan peuting,
Isukna bray deui caang,
Keur andika balawira,
Usaha nyiar kipayah,
Kitu kersaning Ilahi.
Pada* kagenep/ayat 12,13,14,15,16
Langit tujuh lapis nyusun,
Wedel mo bisa disebut,
Panonpoe palitana,
Hujan muruhpuy ti langit,
Ngahirupkeun tutuwuhan,
Huma kebon cukul hasil.
Nada:Pupuh Asmarandana
Pada* katujuh/ayat 17,18,19
Nu disebut poe Fashli,
Eta teh poe kiamat,
Poe katangtosan Alloh,
Sanggeus ditiup sangkala,
Ngalabring jalma-jalma,
Panto langit nu ditutup,
Harita ngemplong dibuka.
Pada* kadalapan/ayat 20
Gunung-gunung nu ngajegir,
Harita ancur balencar,
Tingkoleang tingsoloyong,
Dibenturkeun jeung baturna,
Nu nyesa ngan urutna,
Remuk ajur jadi lebu,
Seuseuneuan ririakan.
Pada* kasalapan/ayat 21,22,23
Pikeun jelema nu kapir,
Geus disampakkeun naraka,
Pikeun anu nukang nonggong,
di naraka bakal lila,
Estu mangabad-abad,
Ku gusti Alloh ditutup,
Disiksa beurat kacida.
Pada* kasapuluh/ayat 24,25
Estu watir ka nu kapir,
Di naraka kapanasan,
halabhab tuhur tikoro,
Teu aya cai sakeclak,
Ukur cai ngagolak,
DIcampuran nanah bau,
Nanahna jalma nu kapir.
Note:(*)pada artinya adalah bait atau paragraf
Nada: Pupuh Kinanti
Pada* kahiji/ayat 1,2,3
Naon anu jadi padu,
Adu renyom kaum kapir,
Rame parebut carita,
Horeng teh wawaran penting,
Nya eta poe kiamat,
Teu percayaeun nu kapir.
Pada* kadua/ayat 4, dan 5
Padahal anu saestu,
Kiamat datangna pasti,
jaga bakal karandapan,
Kakara nu kapir eling,
Yen kiamat lain beja,
Tapi bakal bukti sidik.
Pada* katilu/ayat 6,7
Puguh anu maha Agung,
Anu nyipta ieu bumi,
Ngagelar jadi daratan,
Gunung-gunungna ngajegir,
Minangka pancuh patokna,
Malar bumi jinek cicing.
Pada* kaopat/ayat 10,11
Poek mimiti ngalingkup,
Dunya disimbutan peuting,
Isukna bray deui caang,
Keur andika balawira,
Usaha nyiar kipayah,
Kitu kersaning Ilahi.
Pada* kagenep/ayat 12,13,14,15,16
Langit tujuh lapis nyusun,
Wedel mo bisa disebut,
Panonpoe palitana,
Hujan muruhpuy ti langit,
Ngahirupkeun tutuwuhan,
Huma kebon cukul hasil.
Nada:Pupuh Asmarandana
Pada* katujuh/ayat 17,18,19
Nu disebut poe Fashli,
Eta teh poe kiamat,
Poe katangtosan Alloh,
Sanggeus ditiup sangkala,
Ngalabring jalma-jalma,
Panto langit nu ditutup,
Harita ngemplong dibuka.
Pada* kadalapan/ayat 20
Gunung-gunung nu ngajegir,
Harita ancur balencar,
Tingkoleang tingsoloyong,
Dibenturkeun jeung baturna,
Nu nyesa ngan urutna,
Remuk ajur jadi lebu,
Seuseuneuan ririakan.
Pada* kasalapan/ayat 21,22,23
Pikeun jelema nu kapir,
Geus disampakkeun naraka,
Pikeun anu nukang nonggong,
di naraka bakal lila,
Estu mangabad-abad,
Ku gusti Alloh ditutup,
Disiksa beurat kacida.
Pada* kasapuluh/ayat 24,25
Estu watir ka nu kapir,
Di naraka kapanasan,
halabhab tuhur tikoro,
Teu aya cai sakeclak,
Ukur cai ngagolak,
DIcampuran nanah bau,
Nanahna jalma nu kapir.
Note:(*)pada artinya adalah bait atau paragraf

Komentar
Posting Komentar